MIKAWANOH RUPA-RUPA WANDA KAULINAN BARUDAK
Tatar Sunda beunghar ku rupa-rupa kualinan. Ti mimiti ngadu kaleci langlayangan, gatrik,gobah sodor, jeblag panto,jrrd. Kecap kaulinan asalna tina kecap ulin, anu hartina milampah hiji pagawean pikeun ngabubungah hate. Ari ngaran ulinteh mangrupa kagiatan anu henteu enya-enya, tapi sahayuna,reresepan,tur bari hereuy. Kulantaran nu sok milampah kaulinanteh rereana barudak jeung urang lembur. Najan kitu, aya oge sawatara kaulinan nu dipilampah ku barudak, rumaja, jeung kolot, nyaeta medar langlayangan.
Kaulinan barudak teh lian ti keur ngeusian waktu luang, oge loba miboga anjeun atikan. Sakapeung ngaranna oge di unggal wewengkon sok beda-beda, padahal kaulinananamah kitu-kitu keneh.
Kaulinan barudak mangrupa kamonesan anu dilakukeun dina mengsa keur rineh atawa nyalse. Rupa-rupa kaulinan barudak, diantarana :
- Kaulinan barudak nu dilakukeun ku saurang atawa duaan
- Kaulinan barudak nu dilakukeun ku lobaan
- Kaulinan nu dlakukeun ku budak awewe
- Kaulinan barudak nu dilakukeun ku budak lalaki
- Kaulinan barudak nu dilakukeun ku budak awewe jeung lalaki
Ibu Enden Sulistiawati, S.Pd Guru Mapel Bahasa Sunda metakeun salah sahiji kaulinan barudak sunda sareng kelas VII anu diampuna diantarana :
- Oray-orayan
Kaulinan oray-orayan, dina prakprakanana, samemehna silih cekel taktak heula. Nu tukang nyekel taktak nu harepeunana jeung saterusna geus kitu, tuluy maju ka kenca ka katuhu, katempona ngaleor siga oray. Bari luar leorteh ngarawih.
Oray Orayan luar leor mapay sawah
Ntong ka sawah parena keur sedeng beukah
Oray Orayan luar leor mapay kebon
Ntong ka kebon di kebon loba nu ngangon
Oray Orayan luar leor mapay leuwi
Ntong ka leuwi di leuwi aya NU mandi
Saha nu mandina naha beut sorangan
Ngantosan tatadi di handapeun tangkal
Tangkal sisi batu tuluy puputeuran
Rancana sarawak nu pandeurina di tewak
Amanat tina ieu kaulinanteh, ngatik ka urang sangkan dina kahirupan kudu salawasna ngahiji, teu aing-aingan. Sabab jalma nu hirupna as ieu aing moal aya nu maturan ataw moal boga batur hirup. Atuda saha jalmana nu resep ka budak nu sombong, gumede atawa ieu aing.